Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini GAYA BASA
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

GAYA BASA


Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.


Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu:

1) Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaang katincak

2) Mijalma (personifikasi), nyaéta gaya basa anu ngabandingkeun barang-barang cicing (teu nyawaan) disaruakeun jeung barang anu nyawaan saperti jalma. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah. Contona: Gunung siga nu milu nguyung, lebak siga nu milu susah.

3) Ocon (metonomia), nya éta gaya basa anu ngagunakeun kecap ngaran salasahiji barang pikeun nyebut barang séjén anu aya patalina sacara logis. Contona: Jang, pangmeulikeun Gudang garam!

4) Ngasor (litotes), nya éta rakitan basa anu dipaké pikeun ngarendahkeun diri, tandaning sopan atawa handap asor. Contona: Ah gaduh tanah ogé ngan satapak peucang.

5) Rautan (eufimismeu), nya éta rakitan basa anu ngandung maksud ngomah-ngomahan haté batur sangkan henteu nyentug teuing karasana.     Contona : Indung bapana geus mulih ka jati mulang ka asal (maot)

6) Lalandian (metafora), nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Contona: Leumpangna  ngembang sampeu (dingdet).
  • Pa Oto Iskandir dinata di landian si Jalak Harupat.
    (Pak Oto Iskandir di nata terkenal dengan sebutan si Jalak Harupat)
  • Srikandi awewe nu wwanian.
    (Srikandi perempuan yang pemberani)
  • Arjuna lalaki anu kasep.
    (Arjuna lelaki yang ganteng)
  • Ujang Gembru budak nu gendut.
    (Ujang Gembru anak yang genduk)
  • Wayang Pangisina gede tapi taya gawe.
    (Wayang pangisina besar tapi tidak ada kerjaan)
  • Bujangga Mikung nukakara diajar ngarang
    (Bujangga Mikung yang baru belajar mengarang)
7) Raguman (sinekdok) nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun rupa-rupa hal dihijikeun, disawadahkeun, atawa disabeungkeutkeun. Raguman dibagi dua:
     a. Hurunan (totem pro parto), nya éta rakitan basa anu nyebut sagemblengna (sakumna) padahal anu dimaksud mah salasaurang, sahiji, sawaréh.     Contona : Barudak SMA 2 keur diadu maén bal jeung barudak SMA 3  (anu maraén bal mah ngan 22 urang, lain sajumlahna murid SMA 2 jeung SMA 3).

     b. Tunggalan (pars pro toto) nya éta rakitan basa anu nyebut sahiji atawa sabagéan padahal maksudna mah sakabéhna.  Contona: Raja baheula kudu diriung ku gelung, digéndeng-géndeng ku cangkéng (anu dimaksud lain diriung ku gelung jeung cangkéng tapi ku awéwé geulis).

8) Rarahulan (hiperbol), nya éta rakitan basa anu gunana pikeun ngayakinkeun anu séjén, bakating hayang dipercaya omonganana kaleuleuwihi.     Contona: Sawahna satungtung deuleu.
  • Hahargaan teh jaman ayenamah geus apung-apungan.
    (Harga-harga zaman sekarang melambung sangat tinggi
  • Sawah Mang Udin mah luasna satungtung deuleu.
    (Sawah Mang Udin luasnya sebatas mata memandang)
  • Eta Mang Ali bakat ku ambek, beungeutna meni beureum euceuy kitu.
    (Itu Mang Ali saking marahnya, mukanya sampai merah menyala begitu)

9) Kadalon (pleonasmeu), nya éta rakitan basa anu ngagunakeun kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud leuwih ti mistina.     Contona: Anakna kembar sapasang.

  • Omongan manehna kadengena ku ceuli sorangan.
    (Omongan dia terdengar oleh teulinganya sendiri)
    *Terdengar pasti sama telinga, bukan sama alat indra lain
  • Buru atuh turun kahandap
    (Cepat dong turun kebawah)
10) Ébrehan (peripraseu), nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun gawéna, gunana kaayaan hiji barang, jst, tapi ari nu dimaksud mah nya éta barang nu kaancikan (kayaan, gawé, atawa gunana) anu disebut téa. Contona: Puputon sekar kadaton (putri)

11) Kahanan, nya éta rakitan basa anu ngébréhkeun kahanan, sipat, ciri anu husus atawa barang. Contona: Raja leuweung pikeun nyebut maung

12) Silib (alegori), eusina dibalibirkeun, tujuanna sangkan anu diajak nyarita henteu éraeun atawa kasigeung haténa.

Gaya basa sindir aya tilu rupa, nya éta:

a. Ngomong dua (ironi) nu omonganana sabalikna tina maksudna. Contona: Naha jang datang téh subuh-subuh teuing? (kabeurangan)

b. Nomong seukeut (sinismeu) nu eusina nyawad ku jalan lemes. Contona: Teu sangka getol geuning putra ibu téh (kedul).

c. Nyungkun (sarkasmeu), eusina nyawad atawa ngawada.Contona: Béakeun dahareun téh kabéh, kajeun batur mah teu kabagéan ogé

Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (en. S

PANCAKAKI

Panca Kaki ngabogaan harti; 1) pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh, upamana pernah indung, bapa, nini, aki, emang, bibi jste. 2) mapay perenahna babarayaan. Upamana bae aya urang Sunda ti hiji lembur papanggih di panyabaan, biasana sok tuluy panca kaki, ” Cing urang panca kaki heula, perenahna alo jeung emang teh kumaha jujutannana?” Rundayan atawa Turunan Bau sinduk, indung/bapana gantung siwur (kait siwur) Gantung siwur/Kait siwur, indung bapana Udeg-udeg Udeg-udeg, indung bapana janggawareng (canggahwareng) Janggawareng/Canggahwareng, indung bapana bao atawa aki buyut Bao, indung bapana buyut Buyut, indung bapana aki atawa nini Aki, bapana indung atawa bapa Nini, indungna bapa atawa indung Bapa, lalaki nu boga anak atawa salaki indung Indung, awewe nu boga anak atawa pamajikan bapa Anak, turunan kahiji Incu, turunan kadua atawa anakna anak Buyut, anakna incu Bao, anakna buyut Janggawareng/Canggahwaren

Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya

  Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya 1.  "Hirupmah tong asa aing uyah kidul sabab di alam dunyamah euweuh elmu panutup." (Hidup tidak boleh merasa paling hebat, sebab di dunia tak ada ilmu pamungkas) 2.  "Kudu silih asih silih asah jeung silih asuh." (Saling mengasihi, saling mengajari dan saling menjaga satu sama lain) 3.  "Ulah agul ku payung butut, sagala nu dipiboga kadar titipan tinu Maha Kawasa." (Jangan sombong dengan yang dimiliki karena semua milik kita hanya titipan Tuhan Yang Maha Kuasa) 4.  "Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok." (Tetesan air sedikit yang kena batu, lama kelamaan akan meninggalkan bekas pada batu) 5.  "Kudu seubeuh méméh dahar, kudu nepi méméh indit." (Harus melihat ke depan (berpikir) sebelum melakukan suatu perbuatan, pikirkan dampak atau risikonya sebelum bertindak.) 6.  "Sacangreud pageuh sagolek pangkek." (Komitmen, menepati janji serta konsisten) 8.  "Di dunya mah darma wa
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG