Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini GAPURA BASA
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2019

SASTRA SUNDA

Basa Sunda (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 41.000.000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6% ti populasi Indonésia. Basa Sunda ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ Dipaké di Indonésia Wewengkon Jawa Kulon, Banten, Jakarta, sabagian Jawa Tengah (Indonésia) Jumlah panyatur 42 yuta Rungkun basa Austronesia Malayu-Polinésia Malayu-Sumbawa Sunda Basa Sunda Status resmi Basa resmi di Jawa Kulon Diatur ku Teu diatur kalawan resmi Kode-kode basa ISO 639-1 su ISO 639-2 sun   Ethnologue édisi ka-14: SUN ISO 639-3 sun Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana: Banten, Bogor, Parahyangan, Ciamis, Cirebon, jeung Brebes Parahiangan téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan

Blogspot epul

KALIMAH WAWARAN Kalimah Wawaran nya eta kalimah nu eusina mere beja atawa mere nyaho. Jadi, henteu ngabutuhkeun jawaban atawa ngalakukeun hiji pagawean ka nu diajak nyarita. ( Kalimat Wawaran yaitu kalimat yang isinya memberi tahu. Jadi, tidak membutuhkan jawaban atau melakukan satu pekerjaan kepada yang diajak bicara. ) Contoh kalimah wawaran: Kuring resep melak sampeu. ( Saya suka menanam singkong ) Patani keur panen suuk di sawahna. ( Petani sedang panen kacang tanah di sawahnya )

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (en. S

AWALAN DINA BASA SUNDA

Sarua sapertos tata bahasa Indonesia, basa Sunda oge ngabogaan imbuhan (afiks). Di handap ieu awalan (prefiks) dina basa Sunda 1. ba- Pungsina ngabentuk kecap pagawean anu hartina 'nglakukeun" Conto: Manéhna rék balayar deui minggu hareup. 2. barang- Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu henteu tangtu/teu jelas objekna.' Conto: Eta si Gembul kabeukina téh barang dahar wé. 3. di- Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'maké' Conto: Adi kuring keur dibaju. Hrti lainna - Ngalakukeun Conto: Mang Endin keur digawé - ngaluarkeun Conto: Piriwit disada. - kena ku pagawéan Lokét dicokot tina jero lomari - pagawéan nu/maké Conto: Ban motor nu kempés téh dikompa ku Mang Udung. - dijieun jadi Conto: Ieu pager imah diruksak ku saha? - dibéré Conto: Hasil ulangan téh keur dipeunteun ku guru. 4. ka- Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'teu ngahaja' Conto: HP

PANTUN

Carita pantun atawa ngan disebut pantun téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Cdd dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi. Sajarah Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang , Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung , Demung Kalagan , jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot ,

GAYA BASA

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu: 1) Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaang katincak 2) Mijalma (personifikasi), nyaéta gaya basa anu ngabandingkeun barang-bar

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun. Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: Rarakitan Paparikan Wawangsalan . Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) Silih Asih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd. Baca juga:  PUPUH Rarakitan    Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit).
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG