Sarua sapertos tata bahasa Indonesia, basa Sunda oge ngabogaan imbuhan (afiks). Di handap ieu awalan (prefiks) dina basa Sunda 1. ba- Pungsina ngabentuk kecap pagawean anu hartina 'nglakukeun" Conto: Manéhna rék balayar deui minggu hareup. 2. barang- Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu henteu tangtu/teu jelas objekna.' Conto: Eta si Gembul kabeukina téh barang dahar wé. 3. di- Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'maké' Conto: Adi kuring keur dibaju. Hrti lainna - Ngalakukeun Conto: Mang Endin keur digawé - ngaluarkeun Conto: Piriwit disada. - kena ku pagawéan Lokét dicokot tina jero lomari - pagawéan nu/maké Conto: Ban motor nu kempés téh dikompa ku Mang Udung. - dijieun jadi Conto: Ieu pager imah diruksak ku saha? - dibéré Conto: Hasil ulangan téh keur dipeunteun ku guru. 4. ka- Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'teu ngahaja' Conto: HP