Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini SASAKALA
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

SASAKALA

SITU BAGENDIT


Situ Bagendit nyaéta tempat wisata anu aya di Kabupatén Garut.


Kaayaan Sabudeureuna


Objek wisata alam nu mangrupa situ anu sabeulaheun jeung Désa Banyuresmi, dibelah kidulna sabeulaheun jeung Désa Cipicung, dibelah wétan sabeulaheun jeung Désa Binakarya, sedengkeun dibelah kulon sabeulaheun jeung Désa Sukamukti. Jarak ti kota Garut ka tempat wisata Situ Bagendit téh nyaéta 4 km.

Sasakala

Salain kajojo ku kaéndahan alamna, situ bagendit ogé kajojo ku sasakalana. Ngaran Situ Bagendit asalna tina ngaran jalma nyaéta Nyi Bagendit.  Nyi Endit nyaéta rajakayana bru di juru bro di panto, ngalayah ditengah imah. Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa leungit. Rajakayana unggul waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di paké.Ari sababna, sagala lébar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké ku dirisorangan gé kahayangnamah ulah. Hiji mangsa, datang aki-aki anu siga langlayeuseun. éta aki-aki téh pok nyarita ka Nyi Endit, “Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha poé geus teu kararaban sangu”. Ngadéngé lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa karunya, tapi kalah malik ambék. Aki-aki téh diusir sapajodogan. Isukna, éta aki-aki téh geus jol deui, bari ngélingan Nyi Endit sangkan daék tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Tapi haté Nyi Endit angger ngabatu. Sakali deui éta aki-aki nu pikarunyaeun téh diusir sapajodogan. Katilu kalina, aki-aki datang deui. Ayeuna mah ku Nyi Endit téh teu ditungguan lila-lila aya diburuan imahna, langsung diusir. Aki-aki téh carindakdak bakat ku nalangsa. Ceb nanceb iteukna diburuan imah Nyi Endit, tuluy ngaléos indit teuing ka mana. Boro-boro jalmana, dalah iteukna gé keur Nyi Endit mah matak ngaganggu. Ngan ceg baé éta iteuk téh dicekel tuluy dicabut. Tapi kacida ngarénjagna manéhna, basa ningali tina urut iteuk nanceb téh ngaburial cai gedé pisan. Nyi Endit undur-unduran. Beuki lila cai nu ngaburial téh beuki ngagulidag sarta beuki gedé. Malah antukna ngeueum sakur nu aya di dinya. Mimitina semet mumuncangan, naék kana tuur, ngeueum dada, sarta tuluy laput sirah. Nyi Endit teu sempet nyalametkeun dirina jeung rajakayana anu ngagunung. Kabéh kakeueum, sarta urutna jadi situ anu kacida legana. éta situkatelah jadi Situ Bagendit, dicokot tina ngaran Nyi Endit. Béjana aki-aki anu pikarunyaeun téh malaikat anu nyamar.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (en. S

PANCAKAKI

Panca Kaki ngabogaan harti; 1) pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh, upamana pernah indung, bapa, nini, aki, emang, bibi jste. 2) mapay perenahna babarayaan. Upamana bae aya urang Sunda ti hiji lembur papanggih di panyabaan, biasana sok tuluy panca kaki, ” Cing urang panca kaki heula, perenahna alo jeung emang teh kumaha jujutannana?” Rundayan atawa Turunan Bau sinduk, indung/bapana gantung siwur (kait siwur) Gantung siwur/Kait siwur, indung bapana Udeg-udeg Udeg-udeg, indung bapana janggawareng (canggahwareng) Janggawareng/Canggahwareng, indung bapana bao atawa aki buyut Bao, indung bapana buyut Buyut, indung bapana aki atawa nini Aki, bapana indung atawa bapa Nini, indungna bapa atawa indung Bapa, lalaki nu boga anak atawa salaki indung Indung, awewe nu boga anak atawa pamajikan bapa Anak, turunan kahiji Incu, turunan kadua atawa anakna anak Buyut, anakna incu Bao, anakna buyut Janggawareng/Canggahwaren

Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya

  Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya 1.  "Hirupmah tong asa aing uyah kidul sabab di alam dunyamah euweuh elmu panutup." (Hidup tidak boleh merasa paling hebat, sebab di dunia tak ada ilmu pamungkas) 2.  "Kudu silih asih silih asah jeung silih asuh." (Saling mengasihi, saling mengajari dan saling menjaga satu sama lain) 3.  "Ulah agul ku payung butut, sagala nu dipiboga kadar titipan tinu Maha Kawasa." (Jangan sombong dengan yang dimiliki karena semua milik kita hanya titipan Tuhan Yang Maha Kuasa) 4.  "Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok." (Tetesan air sedikit yang kena batu, lama kelamaan akan meninggalkan bekas pada batu) 5.  "Kudu seubeuh méméh dahar, kudu nepi méméh indit." (Harus melihat ke depan (berpikir) sebelum melakukan suatu perbuatan, pikirkan dampak atau risikonya sebelum bertindak.) 6.  "Sacangreud pageuh sagolek pangkek." (Komitmen, menepati janji serta konsisten) 8.  "Di dunya mah darma wa
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG