Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini GAPURA BASA
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari November 19, 2019

Antareja

Antareja dina wanda Wayang Golék Ngaran séjén: Prabu Nagabaginda Papasangan: Déwi Ganggi Antareja nyaéta saurang satria pinunjul dina carita pawayangan, putra pasangan Wekudara sareng Déwi Nagagini. Kasaktiaan Antareja taya lian mibanda ajian ciduh peurah jadi upama tapak atawa dampal suku musuhna dilétak ku Antareja, mangka musuhna baris pinanggih jeung ajal atawa tumekaning perlaya dina basa wayang . Antareja perlaya ku alatan ngalétak tapak sukuna sorangan. Ieu mangrupa pitapak anu dijieun ku Kresna dina mangsa perang Bratayuda . Pedaran Antareja téh putrana pasangan Bima (Wekudara) jeung Déwi Nagagini. Kasaktian tur jajatén anu kapimilik ieu henteu leupas ku alatan masih aya kénéh turunan Déwa ti Kahiyangan Saptapretala. Antareja rimbitan jeung Déwi Ganggi, putri Pabu Ganggapranwa anu taya lian saurang Raja Oray ti Karajaan Tawingatmada. Tina ieu pernikahan Antareja mibanda turunan anu dingaranan Danurwenda, engkéna baris diangkat jadi patih luar (patih nyaba)
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG