Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini Antareja
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

Antareja

Antareja dina wanda Wayang Golék
Antareja dina wanda Wayang Golék
Ngaran séjén: Prabu Nagabaginda
Papasangan: Déwi Ganggi
Antareja nyaéta saurang satria pinunjul dina carita pawayangan, putra pasangan Wekudara sareng Déwi Nagagini. Kasaktiaan Antareja taya lian mibanda ajian ciduh peurah jadi upama tapak atawa dampal suku musuhna dilétak ku Antareja, mangka musuhna baris pinanggih jeung ajal atawa tumekaning perlaya dina basa wayang. Antareja perlaya ku alatan ngalétak tapak sukuna sorangan. Ieu mangrupa pitapak anu dijieun ku Kresna dina mangsa perang Bratayuda .

Pedaran

Antareja téh putrana pasangan Bima (Wekudara) jeung Déwi Nagagini. Kasaktian tur jajatén anu kapimilik ieu henteu leupas ku alatan masih aya kénéh turunan Déwa ti Kahiyangan Saptapretala. Antareja rimbitan jeung Déwi Ganggi, putri Pabu Ganggapranwa anu taya lian saurang Raja Oray ti Karajaan Tawingatmada. Tina ieu pernikahan Antareja mibanda turunan anu dingaranan Danurwenda, engkéna baris diangkat jadi patih luar (patih nyaba) . Antareja mibanda sipat jujur, lungguh, babakti kanu leuwih kolot nyaah ka sahandapeun, tara jejerih tur hadé laku lampahna. Antareja mah euweuh dina babon Mahabrata ku lantaran ieu mah ciptaan pujangga Jawa.

Lalampahan

Hiji waktu Antareja seja lumampah ka karajaan Amarta. Satengahing jalan manéhna manggihan mayit awéwé angkleung-angkleungan sorangan luhureun parahu. Tuluy manéhna ngawatek ajian Napakawaca pikeun ngahirupkeun deui éta mayit awéwé, singhoréng geuning éta téh Subadra taya lian istrina Arjuna. Teu kungsi lila torojol Gatotkaca anu titadi nyerangkeun manéhna ti kajauhan tuluy narajang Anterja. Harita Gatotkaca keur kapapancénan pikeun maluruh tur nyangkalak jalma anu ngarogahala éta bibina. Subadra anu geus lilir séhat bihara-bihari gentak misahkeun anu keur patelak, Saengeus papisah tuluy tiluanana silih wanohkeun diri, Antukna maranéhna ngayakeun gawé bareng pikeun maluruh tur nyangkalak jalma anu geus ngarogahala Subadra, antukna kapanggih anu taya lian Burisrawa. Manjing waktuna Déwasa Antareja didaulat jadi Raja di nagara Jangkarbumi tur meunang gelar Prabu Nagabaginda


Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (en. S

PANCAKAKI

Panca Kaki ngabogaan harti; 1) pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh, upamana pernah indung, bapa, nini, aki, emang, bibi jste. 2) mapay perenahna babarayaan. Upamana bae aya urang Sunda ti hiji lembur papanggih di panyabaan, biasana sok tuluy panca kaki, ” Cing urang panca kaki heula, perenahna alo jeung emang teh kumaha jujutannana?” Rundayan atawa Turunan Bau sinduk, indung/bapana gantung siwur (kait siwur) Gantung siwur/Kait siwur, indung bapana Udeg-udeg Udeg-udeg, indung bapana janggawareng (canggahwareng) Janggawareng/Canggahwareng, indung bapana bao atawa aki buyut Bao, indung bapana buyut Buyut, indung bapana aki atawa nini Aki, bapana indung atawa bapa Nini, indungna bapa atawa indung Bapa, lalaki nu boga anak atawa salaki indung Indung, awewe nu boga anak atawa pamajikan bapa Anak, turunan kahiji Incu, turunan kadua atawa anakna anak Buyut, anakna incu Bao, anakna buyut Janggawareng/Canggahwaren

Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya

  Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya 1.  "Hirupmah tong asa aing uyah kidul sabab di alam dunyamah euweuh elmu panutup." (Hidup tidak boleh merasa paling hebat, sebab di dunia tak ada ilmu pamungkas) 2.  "Kudu silih asih silih asah jeung silih asuh." (Saling mengasihi, saling mengajari dan saling menjaga satu sama lain) 3.  "Ulah agul ku payung butut, sagala nu dipiboga kadar titipan tinu Maha Kawasa." (Jangan sombong dengan yang dimiliki karena semua milik kita hanya titipan Tuhan Yang Maha Kuasa) 4.  "Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok." (Tetesan air sedikit yang kena batu, lama kelamaan akan meninggalkan bekas pada batu) 5.  "Kudu seubeuh méméh dahar, kudu nepi méméh indit." (Harus melihat ke depan (berpikir) sebelum melakukan suatu perbuatan, pikirkan dampak atau risikonya sebelum bertindak.) 6.  "Sacangreud pageuh sagolek pangkek." (Komitmen, menepati janji serta konsisten) 8.  "Di dunya mah darma wa
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG