Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini SISINDIRAN
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

SISINDIRAN


Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun.
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta:
Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) Silih Asih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

Baca juga: PUPUH

Rarakitan

  Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas). Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan: dua cangkang jeung dua eus.

Contoh Rarakitan Silih Asih

Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono mondok jeung nyi mojang

Kuring hayang calanana
Hanjakal di Citalaga
Kuring bogoh ka anjeunna
Hanjakal boga tatangga

Tangkal hiris dibeungkeutan
Dibawa ka pasir alit
Nu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibere duit

Daun hiris daun sembung
Dibeungkeutan keur ka bandung
Omat geulis ulah pundung
Mun akang kapaksa nyandung

Daek soteh ka Cinangka,
Ka Cisitumah teu purun.
Daek soteh ka manehna,
Ka nu itu mah teu purun.

Hayang teuing buah muris,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuing ka nu geulis,
Teu bisa ngakalanana

Daun saga daun pulus
Dibeungketan ku mang Didi
Saha itu anu mulus
Singhoreng kabogoh abdi

Lain bangban lain pacing,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain ka dinya aduna.

Contoh Rarakitan Piwuruk


Lamun urang ka Cikolé,
Moal hésé tumpak kahar.
Lamun urang boga gawé,
Moal hésé barang dahar.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat,
Sing getol néangan élmu,
Nu guna dunya ahérat.

Peupeujeuh ari geus cenghar
Jung indit ka balarea
Peupeujeuh ari geus beunghar
Ulah poho ka sarerea

Lamun dayang dahar noga,
Kudu daék nya meulina.
Lamun haying asup sorga,
Kudu getol nya sholatna.

Ti batan mawa pedang,
Mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
Mending gé diajar ngaji.

Ulah ngeumbing areuyan,
bisi lepot ninggang jurang.
Ulah teuing heuheureuyan,
bisi kolot meunang wiring.

Jauh-jauh ngala awi,
Nyiar-nyiar pimerangeun,
Jauh-jauh ngala kami,
Nyier-nyiar pimelangeun.

Lamun urang ka Cikole,
Moal hese tumpak kahar.
Lamun urang boga gawe,
Moal hese barangdahar.

Lamun urang ninun kanteh,
Ulah resep make poleng.
Lamun urang leutik keneh,
Ulah resep ngomong goreng.

Meugeus diangir ku jeungjing,
Geura ganti ku kihiang.
Meugeus pelesir tipeuting,
Geura ganti ku sambeang.

Sing getol nginum jajamu,
Nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan elmu,
Nu guna dunya aherat.

Contoh Rarakitan Sesebred

Murak buah di Tunggilis
Aya apel aya huni
Rarasaan anu geulis
Ari pek teh nini-nini

Aya budak mawa casan,
Ngan hanjakal teu dibeli.
Aya budak gelis pisan,
Ngan hanjakal tara mandi.

Rarasaan ngala mayang,
Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
Teu nyaho cakeutreuk hideung.

Aya listrik di masigit,
Hanjakal moncor ka kolong.
Aya istri jangkung alit,
Hanjakal tonggongna bolong.

Majar manéh cengkéh konéng,
Kulit peuteuy dina nyiru.
Majar manéh lengkéh konéng,
Kulit beuteung mani nambru.

Ngimpi ngajul kembang tanjung,
ari meunang cau kepok.
Ngimpi tepung jeung nu jangkung,
ari gok jeung nu betekok.

Itu wayang ieu wayang,
Teu kawas wayang arjuna,
Itu hayang ieu hayang,
Teu kawas hayang ka dinya.

Nini-nini mawa cai
cai bodas ti susukan
nini-nini lari pagi
langsung pingsan na tanjakan

tipeting ngakan buah
buahna buah lohan
aya saha nu di sawah
aya budak bobogohan

hayu urang indit ka batak
di batak loba gareja
ari jalma huluna botak
ari peuting ca'ang huluna

di laut loba gurame
aya jama make tato
kunaon geuning rame
aya aki2 keur salto

isuk-isun jalan jalan
jalan jalan ka jawa
awewe geulis nu dijalan
pas seuri ompong huntuna

eta hakaneun tos basi
ti jakarta aya robot
budak gendut naek korsi
pas diuk langsung morobot

hayu urang nginum kopi
kopina pait ngabalakbak
atuh buka eta topi
pas dibuka huluna botak

aya bata aya genteng
jalma mabok jalma gelo
puguh maneh budak ganteng
tapi ngan matana belo

aya jama ngakan tape
tapena enak rasana
naha maneh cicing bae
nyahona ngompol na calana

Paparikan

Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran. Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jeung kep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.

Conto Paparikan Silih asih

Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kékéjoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
ngarah téténjoanana.

Meuncit meri dina rakit,
Boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
Kabogoh direbut batur.

Cau ambon dikorangan,
Kanyéré ka pipir-pipir.
Lalaki ambon sorangan,
Awéwé teu mikir-mikir.

Samping hideung dina bilik,
Kumaha nuhurkeunana.
Abdi mineung ka nu balik,
Kumaha nuturkeunana.

Conto Paparikan Piwuruk

Hayang pisan geura dahar,
Ngan taya réncang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana.

Ka kulah nyiar kapiting,
Ngocok-ngocok bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
Osok loba gogodana.

Aya manuk dina pager,
Na sukuna aya bola.
Lamun urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola.

Baju kutud heureut pola,
Dikelin teu dijalujur.
Lamun téh cucud sakola,
Arisin balik ka lembur.

Conto Paparikan Sésébréd

Cau naon cau naon,
Cau kulutuk di juru.
Bau naon bau naon,
Bau hitut nu di juru.

Itu gunung ieu gunung,
Diadukeun pakbeledug.
Itu pundung ieu pundung,
Marebutkeun mojang budug.

Poé Saptu poé Kemis,
Poé Kemis jeung Jumaah.
Itu saha muril kumis,
Kumisna panjang sabeulah.

Daun hiris dibeungkeutan,
Dibawa ka juru leuit.
Anu geulis ngadeukeutan,
Hayangen dibéré duit.

Wawangsalan

Wawangsalan téh nyaéta sisindiran anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang. Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi.

Conto wawangsalan


Abdi mah caruluk Arab
henteu tarima téh teuing 
[Wawangsalan=korma]

Abdi téh kapiring leutik
kaisinan ku gamparan 
[Wawangsalan=pisin]

Abdi téh sok ngembang kawung
inggis teu ngareunah teuing
[Wawangsalan=pengis]

Abdi ti ménak ka somah
gamparan mah ieu aing 
[Wawangsalan=umaing]

Ajag désa basa Jawa
lesuna teu aya tanding 
[Wawangsalan=asu]

Ajag lembur Indramayu
naha bet kalangsu teuing 
[Wawangsalan=asu]

Ajag lembur lamun engkang
énjing henteu wangsul deui
[Wawangsalan=anjing]

Alun-alun paleuweungan
gagal temen mun teu jadi 
[Wawangsalan=tegal]

Anak beurit dina katung
kapan endén mundut encit 
[Wawangsalan=buncit]

Anak munding masih nyusu
aduh endén buah ati 
[Wawangsalan=énéng]

Angeun somah pakampungan
kajeun bedo ti kamari 
[Wawangsalan=bodo]

Anu siram kokojayan
abdi pamoyokan badis 
[Wawangsalan=ngoyok]

Areuy leuweung mérang daun
ulah sok japilus galih 
[Wawangsalan=pulus]

 Aringgis sok nyatang bolang
kapongpongan siang wengi
[Wawangsalan=lompong]

Asal hiji jadi dua
Semah matak sesah ati 
[Wawangsalan=walimah]

 Awi ngora téh jaradi
temah matak jadi liwung 
[Wawangsalan=iwung]

Aya mesin bisa ngapung
kapidara diri abdi 
[Wawangsalan=kapal udara]

 Aya nu dianjang cai
aya nu dihéroan 
[Wawangsalan=séro]

Ayeuna gé sérah tegal
engkang mah sok matak peurih
[Wawangsalan=eurih]

 Baku sok ngalebu badag
reueus keur sareng jeung istri
[Wawangsalan=areng]

Balandongan ngujur jalan
sok hayang geura los indit 
[Wawangsalan=elos]

Balé diréka masjid
nya pikir bati rumajug 
[Wawangsalan=tajug]

Bangkong lodor meuntas jalan
titis tulis bagja awak 
[Wawangsalan=bayawak]

Bango héjo hérang jangjang
piraku engkang ka abdi 
[Wawangsalan=merak]

Bango leutik bodas hulu
mo samar ka diri abdi 
[Wawangsalan=camar]

 Baréto gé batur pirus
juragan geuning pelekik 
[Wawangsalan=akik]
Batuk eungap hésé damang
saé sumping baé wengi 
[Wawangsalan=mengi]

Béas ditutuan deui
iraha atuh patepung 
[Wawangsalan=tipung]

Bedil langit handaruan
engkang sapertos kalinglap 
[Wawangsalan=gelap]

Bedog urang Darmaraja
kawantu abdi mah miskin 
[Wawangsalan=sekin]

Bedug wedalan Eropah
abdi teu asa dipuji 
[Wawangsalan=tanji]

Belut sisit saba darat
kapiraray siang wengi 
[Wawangsalan=oray]

Bendi panjang roda opat
ulah kalah ka Carita 
[Wawangsalan=kareta]

Béntang baranang di imah
samar bisa tepung deui 
[Wawangsalan=darma]

Beulit cinggir simpay réma
ulah lali ka sim abdi 
[Wawangsalan=ali]

Beunying leutik sisi cai
ari ras sok cimataan 
[Wawangsalan=amismata]

Beusi bodas cingcin kecrik
cumah baé dipicinta 
[Wawangsalan=timah]

Biasa ngadodol gula
abdi henteu dipaduli 
[Wawangsalan=gulali]

Bibika tipung tarigu
ku engkang tacan kaharti 
[Wawangsalan=roti]

Buah kawung raranggeuyan
curuluk cisoca bijil 
[Wawangsalan=caruluk]

Bulu panon wates taar
itu nyai mani geulis 
[Wawangsalan=halis]

 Cacangkir bahana beling
masing welas lahir batin 
[Wawangsalan=gelas]

Cakcak gedé kadal bilik
ulah dipaké mokaha 
[Wawangsalan=toké]

Careuh beureum pasawahan
nu dusun leuwih ti misti 
[Wawangsalan=lasun]

Cariang beureum beutina
nya pikir bati arewuh 
[Wawangsalan=waluh]

 Catetan bulan jeung taun
juragan ménak utami 
[Wawangsalan=almenak]

Cau gedé ngan sasikat
taya teuing bagja diri cau 
[Wawangsalan=bagja]

Cék lémék Jawa sumuhun
hayang téh ulah kapanggih
[Wawangsalan=enggih]

Cikur jangkung pamuraan
kapalay siang jeung wengi
[Wawangsalan=panglay]

Cisusu kentel dimasak
ulah téga-téga teuing 
[Wawangsalan=mantéga]

Cucuk basa Malayuna
duriat henteu laksana 
[Wawangsalan=duri]

 Dadampar di pagulingan
alim ka nu kirang surti 
[Wawangsalan=kasur]

Dagangan pangrapet surat
mun kitu abdi mah alim 
[Wawangsalan=lém]

Daun kasap kosok méja
tobat ulah nolas teuing 
[Wawangsalan=hampelas]

Daun tuhur na tangkalna
sok rus-ras ka nu teu aya 
[Wawangsalan=kararas]

 Désémber tangtu ditéma
geulisna lir widadari 
[Wawangsalan=Januari]

Deukeut-deukeut anak taleus
nyangkéwok teu kanyahoan
[Wawangsalan=téwok]

Di Cikajang aya gunung
asa paturay jasmani 
[Wawangsalan=Cikuray]

Dodol gula digolongan
nu hina kaluli-luli 
[Wawangsalan=gulali]

Dudukuy panjang gagangna
pikir bati ngalanglayung 
[Wawangsalan=payung]

Dukun tukang ngemat héwan
abdi mah ku alim teuing 
[Wawangsalan=malim]
Ékék lembut pupuntiran
tingsérédét kana ati 
[Wawangsalan=cécéndét]

Enggeus ka palupuh nangtung
ayeuna geus kapimilik 
[Wawangsalan=balik]

Engkang téh ngajukut laut
seger mun tepung jeung nyai
[Wawangsalan=ager]

Gagang caruluk karadak
pantes mun rék dinyenyeri
[Wawangsalan=langari]

 Gamparan mah sangu atah
keur ménak kawuwuh sugih
[Wawangsalan=gigih]

Gedang atah keur lumayung
engkang mah jelema ginding
[Wawangsalan=gumading]

Gedong luhur panénjoan
narah keur saheulaanan 
[Wawangsalan=munara]

Gedong ngambang di sagara
kapalang geus béla pati 
[Wawangsalan=kapal (cai)]

Gedong ngambang tengah laut
ulah kapalang nya béla. 
[Wawangsalan=kapal (cai)]

Gedong tempat nu titirah
ulah sok reueus binangkit 
[Wawangsalan=rumah sakit]

Hayam cempa lalayaran
matak teuing nyeri ati 
[Wawangsalan=meri]

Hayam sawah dipiara
abong kanu apes diri 
[Wawangsalan=meri]

Hayam tukung saba gunung
uyuhan teuing nya diri 
[Wawangsalan=puyuh]

Hiris ngora deungeun sangu
abdi mah kapok téh teuing
[Wawangsalan=kapokan]

 Hui bulu réa akar
bongan sok rayungan teuing
[Wawangsalan=kamayung]

Imah leutik tempat ngaji
teu asa ngalanggar cegah
[Wawangsalan=langgar]

Imah ngambang di sagara
ulah kapalang nya bela 
[Wawangsalan=kapal (cai)]

Indung kuar hama sirah
nu kitu ulah digugu 
[Wawangsalan=kutu]
Insuting ngadaun luhur
ari ras ka diri abdi 
[Wawangsalan=kararas]

Isuk basa Malayuna
tangtos abdi rék sayagi 
[Wawangsalan=pagi]

Jagong tuhur beunang ngunun
dunungan bagéa sumping
[Wawangsalan=emping]

Jalaran bibit kalapa
isin da abdi mah santri 
[Wawangsalan=kitri]

Jampana bugang dadakan
panasaran diri kuring 
[Wawangsalan=pasaran]

Jati leutik jagong ngora
dodolog kirang utami 
[Wawangsalan=semi]

Jawadah tutung biritna
sacarana-sacarana 
[Wawangsalan=cara]

Jukut jangkung pipir gunung
haté abdi panas peurih 
[Wawangsalan=eurih]

Kacang jangkung leutik daun
engkang mah satria raris 
[Wawangsalan=hiris]

Kacang panjang disayuran
bati ngageremet ati 
[Wawangsalan=gemet]

Kacang panjang gagabengan
sakieu darajat kuring 
[Wawangsalan=jaat]

Kadal gedé saba darat
pareng alus bagja awak 
[Wawangsalan=bayawak]

 Kadeuleu langir caina
kayap-keyep anu geulis 
[Wawangsalan=keuyeup]

Kalapa bakalan minyak
nu ampuh titis raspati 
[Wawangsalan=cipati]

Kalong leutik saba gedang
sumedot rasaning ati 
[Wawangsalan=cocodot]

Kararas daun kalapa
teu aya nu ngabangbrangkeun
[Wawangsalan=barangbang]

Kasintu di sisi situ
nu hayang kawanti-wanti 
[=]

Kauntun tipung katambang béas
laksana meunang ijasah 
[Wawangsalan=laksa]

Kebon paré dicaian
siwah niat jalir jangji 
[Wawangsalan=sawah]

Kembang biru di astana
abot pisah jeung kakasih 
[Wawangsalan=salasih]

Kembang bodas buah bunder
ngaheruk nya pipikiran 
[Wawangsalan=jeruk]

Kembang jambé kara beukah
kumayangyang pikir abdi 
[Wawangsalan=mayang]

 Kendang gedé pakauman
dagdigdug rasaning ati 
[Wawangsalan=bedug]

Kertas kabur kaanginan
kumalayang pipikiran
[Wawangsalan=langlayangan]

Ketuk leutik panayagan
ka abdi mah ningnang teuing 
[Wawangsalan=bonang]

Keuyeup gedé saba laut
teu hadé liar ti peuting 
[Wawangsalan=kapiting]

Koja awi dihuaan
sageuy lamun teu kasorang
[Wawangsalan=korang]

Kokotor saluar awak
da sanés rek hiri dengki 
[Wawangsalan=daki ]

Kota kuloneun Lampegan
purah-purah tunggu bumi 
[Wawangsalan=sukabumi]

Kulit teuas tungtung ramo
baku osok nganyenyeri 
[Wawangsalan=kuku]

 Kuring mah kabedil langit
da puguh matak kalinglap 
[Wawangsalan=gelap]

Kuring téh kamenyan konéng
rumaos kawiwirangan 
[Wawangsalan=warirang]

Kutu baju kuar sinjang
moal weléh tumarima 
[Wawangsalan=tuma]

Lahang abri dibotolan
ningal anu suka galih 
[Wawangsalan=cuka]

 Laleur hideung panyeureudan
ngilari sakolong langit 
[Wawangsalan=reungit]
Lampu leutik tengah imah
abdi samar méré idin 
[Wawangsalan=damar]

Lamun kapalupuh nangtung
lamun jadi kapimilik 
[Wawangsalan=bilik]

Lancah cai di walungan
engkang teu émut ka abdi
[Wawangsalan=engkang-engkang]

Langgir cai leumpang ngijing
kadeuleu kayap-keyepna
[Wawangsalan=keuyeup]

Lauk panjang dina parung
ari émut merod pikir 
[Wawangsalan=berod]

Lauk rebing saba laut
karikari jalir jangji 
[Wawangsalan=pari]

Manuk apung saba eurih
haté asa didudutan 
[Wawangsalan=dudut]

Manuk hawuk beureum suku
katingal keur imut leutik 
[Wawangsalan=galatik]

Manuk lindeuk di buruan
kuring bati panas ati 
[Wawangsalan=japati]

 Manuk lisung anu jalu
dagoan di pasampangan 
[Wawangsalan=jago]

Manuk renggé saba ulam
hayang tepi ka ngajadi 
[Wawangsalan=caladi]

Manuk tukung saba gunung
uyuhan daék ka abdi 
[Wawangsalan=puyuh]

Maung tutul saba kasur
diri teu ngareunah cicing 
[Wawangsalan=ucing]

Méga beureum surupna geus burit
ngalanglayun panas pipikiran
[Wawangsalan=layung]

Melak bangsal di kotakan
wayahna dék sabar diri 
[Wawangsalan=nebar]

Mencek leutik saba alas
abdi daék ngaréncangan
[Wawangsalan=peucang]

Meri pendék ngojay hayam
henteu négtog pikir abdi 
[Wawangsalan=éntog]

Monyét hideung sisi leuweung
susah nu taya tungtungna 
[Wawangsalan=lutung]

Mun inget mangsi Malayu
anjeun téh cinta ka kuring 
[Wawangsalan=tinta]

Mun jagan kadadar tipung
upami kagungan rabi 
[Wawangsalan=surabi]

Nganyam bola jadi lawon
peupeujeuh kudu sing junun
[Wawangsalan=ninun]

Nu dahar taya sésana
ngan asa dipoyok badis 
[Wawangsalan=ledis]

Nu gering geus rampus dahar
kuring mah mo payu deui
[Wawangsalan=mamayu]

Nu nutu miceun huutna
Mun awon moal ditampi 
[Wawangsalan=napi]

Nya buah ngacung ka luhur
kuring mah sok panas ati 
[Wawangsalan=kanas]

 Nya hujan taya eureuna
abdi mah kalangkung ajrih 
[Wawangsalan=ngijih]

Nyeupan sangu tacan timus
teu sanggup manggihan deui
[Wawangsalan=gigih]

 Nyiar paré tutukeuran
teu pantes hayang ka abdi
[Wawangsalan=nguyang]

Nyiru gedé wadah bangsal
anjeun mah nsok sindir sampir
[Wawangsalan=tampir]

Nyiruan genténg cangkéngna
masing mindeng pulang anting
[Wawangsalan=papanting]

Pangcalikan tonggong kuda
kudu satia buméla 
[Wawangsalan=sela]

 Paparem ngawurah ketan
mokaha atuh da wargi 
[Wawangsalan=ragi]

Paribasa petis Cina
hayang nepi ka cacapna 
[Wawangsalan=kécap]

Péso pangot ninggang lontar
acan katuliskeun diri 
[Wawangsalan=nulis]

Péso patok kewung tungtung
hayang kapiajang teuing 
[Wawangsalan=rejang]
 Péso raut Cibarusa
sugan welas ka nu miskin 
[Wawangsalan=sekin]

Pileuleuyan kebo gunung
ngadadak tineung nya pikir
[Wawangsalan=badak]

Piunjuk duméh rék wangsul
sanés abdi rék cilimit 
[Wawangsalan=pamit]

Puguh mah ubar muriang
nu hina leuwih ti misti 
[Wawangsalan=Kina]

 Puter putih saba lembur
kuring seja béla pati 
[Wawangsalan=japati]

Ranté ngait kana baju
Memang geus cumantél ati 
[Wawangsalan=cantél]

Salendro di papanggungan
ngomong kalepasan teuing 
[Wawangsalan=koromong]

Sanggal hideung saba ranca
témbong léléwa nu manis 
[Wawangsalan=lélé]

 Sangrayan peupeus meueusan
ulah jadi rengat galih 
[Wawangsalan=rengat]

Santri miskin geus maréman
tangtu tiis pikir abdi 
[Wawangsalan=pikir]

Sapikul katian Cina
malah kumplit sareng cingcin
[Wawangsalan=dacin]

Séndok batok digagangan
geus lawas abdi ngalayung
[Wawangsalan=gayung]

Séréh leuweung turub saung
haté abdi panas peurih 
[Wawangsalan=eurih]

Situ bendung di Citarum
gulang-guling ngan sorangan
[Wawangsalan=Saguling]

 Sok rajeun ngabuah kawung
curuluk cisoca bijil 
[=curuluk]

Tegal tengah nagara
laun-laun sugan hasil 
[=alun-alun]

Tepi ka kélor héjona
tepi ka antukna 
[=katuk]

Teu beunang dihurang sawah
teu beunang dipikameumeut
[Wawangsalan=simeut]
Teu beunang diopak kembung
teu beunang dientong-entong 
[Wawangsalan=kolontong]

Teu beunang dipiring leutik
teu beunang dipikaisin 
[Wawangsalan=pisin]

 Teu beunang dirangkong kolong
teu beunang dipikahayang
[Wawangsalan=hayam]

Teu beunang disihung tipung
teu beunang dipapagonan
[Wawangsalan=sasagon]

Teu beunang disitu lembur
teu beunang diulah-ulah 
[Wawangsalan=kulah]

Teu beunang disupa dulang
teu beunang dibébénjokeun 
[Wawangsalan=kéjo]

 Teu beunang ditihang pondok
teu beunang dideudeuleukeun
[Wawangsalan=deudeul]

Teu beunang ditiwu leuweung
teu beunang dipikasono 
[Wawangsalan=kaso]

 Teu beunang diwaru leuweung
teu beunang diboro-boro 
[Wawangsalan=bisoro]

Teu puguh monyét hideungna
teu puguh tungtungna 
[Wawangsalan=lutung]

Ulah sok kapiring leutik
ulah sok kaisinan 
[Wawangsalan=pisin]

Wadah minyak tina beling
jadi budak kudu getol 
[Wawangsalan=botol]

Walanda hideung soldadu
umambon engkang ka nyai 
[Wawangsalan=(urang?) Ambon]

Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (en. S

PANCAKAKI

Panca Kaki ngabogaan harti; 1) pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh, upamana pernah indung, bapa, nini, aki, emang, bibi jste. 2) mapay perenahna babarayaan. Upamana bae aya urang Sunda ti hiji lembur papanggih di panyabaan, biasana sok tuluy panca kaki, ” Cing urang panca kaki heula, perenahna alo jeung emang teh kumaha jujutannana?” Rundayan atawa Turunan Bau sinduk, indung/bapana gantung siwur (kait siwur) Gantung siwur/Kait siwur, indung bapana Udeg-udeg Udeg-udeg, indung bapana janggawareng (canggahwareng) Janggawareng/Canggahwareng, indung bapana bao atawa aki buyut Bao, indung bapana buyut Buyut, indung bapana aki atawa nini Aki, bapana indung atawa bapa Nini, indungna bapa atawa indung Bapa, lalaki nu boga anak atawa salaki indung Indung, awewe nu boga anak atawa pamajikan bapa Anak, turunan kahiji Incu, turunan kadua atawa anakna anak Buyut, anakna incu Bao, anakna buyut Janggawareng/Canggahwaren

Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya

  Kata-kata Pepatah Sunda Beserta Artinya 1.  "Hirupmah tong asa aing uyah kidul sabab di alam dunyamah euweuh elmu panutup." (Hidup tidak boleh merasa paling hebat, sebab di dunia tak ada ilmu pamungkas) 2.  "Kudu silih asih silih asah jeung silih asuh." (Saling mengasihi, saling mengajari dan saling menjaga satu sama lain) 3.  "Ulah agul ku payung butut, sagala nu dipiboga kadar titipan tinu Maha Kawasa." (Jangan sombong dengan yang dimiliki karena semua milik kita hanya titipan Tuhan Yang Maha Kuasa) 4.  "Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok." (Tetesan air sedikit yang kena batu, lama kelamaan akan meninggalkan bekas pada batu) 5.  "Kudu seubeuh méméh dahar, kudu nepi méméh indit." (Harus melihat ke depan (berpikir) sebelum melakukan suatu perbuatan, pikirkan dampak atau risikonya sebelum bertindak.) 6.  "Sacangreud pageuh sagolek pangkek." (Komitmen, menepati janji serta konsisten) 8.  "Di dunya mah darma wa
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG