Vereenigde Oostindische Compagnie (VOC) atawa Kongsi Dagang (basa Inggris: the Dutch éast India Company) nyaéta sarékat dagang nu dijieun ku pamaréntah Walanda kalawan alpukahna Pangéran Mauritz jeung Johan van Olden Barnevelt ngaliwatan otoritas jeung lisénsi ti Staten-Generaal (Parlemén Walanda) kalawan dibuktikeun ku surat ijin (Octrooi). VOC ngabogaan genep bagéan nu dieusi ku genep wilayah nagara bagéan di Walanda nyaéta Amsterdam, Middelburg (Zeeland), Enkhuizen, Delft, Hoorn, jeung Rotterdam nu disebut Kamer. Unggal kamer nangtukeun wawakil pikeun dijadikeun diréktur, ti sakabéh kamer jumlah dirékturna nyaéta 17 urang nu disebut Heeren XVII (17
tuan-tuan). Amsterdam minangka nagara bagéan nu boga peran penting
sarta markasna di dinya, dibéré hak jumlah dirékturna 8 ti Heeren XVII.
KasangTukang
Sanggeus ngabébaskeun diri ti panjajagan Spanyol taun 1581, bangsa Walanda ngawangun hiji Républik Belanda Serikat nu dibéré ngaran De Républiek der Verenigde Nederlanden. Unggal nagara bagian dilengkepan ku déwan wawakil masing-masing (Staten). Mangsa harita Walanda teu boga raja tapi aya kulawarga Oranye nu boga pungsi pikeun ngahijikeun nagara bagéan. wal ti éta, aya hiji déwan wawakil nu ngawengku sakabéh nagara bagéan nu dingaranan Staten-Generaal. Sistem padagangan nu boga aspék pulitik jeung aspék swasta aya patalina jeung kamekaran masarakat Walanda mangsa harita. Dina kamekarana widang ékonomi umumna (hususna padagang) aya di lapisan sosial nu dingaranan kaum bougoeisie (borjuis) sedengkeun pulitik masih aya di lapisan kaum aristokrat. Ku ayana gawé bareng éta, nyieun peluang bisa dilaksanakeun padagangan antarbuana di mangsa Modérn Awal harita. Kalawan bekel peta ti Italia (Vénésia), taun 1595 kapal-kapal niaga Walanda mimiti dagang di Banten jeung Sunda Kalapa. Padagangan éta dialpukahan ku padagang ti dayeuh Amsterdam kalawan lisénsi ti walikotana pikeun nyekel monopoli padagangan antara Amsterdan jeung Asia. Wewengkon Zeeland di kidul ogé ngawangun perusahaan palayaran niaga. Teu lila sababara kota séjén paheula heula ngawangun parusahaan palayaran niaga kalawan lisénsi ti walikotana séwang-séwangan.
Lobana pausahaan palayaran niaga nu ngaku nyekel monopoli padagangan antara dayeuhna séwang-séwangan jeung Asia ngabalukarkeun bédana harga jual rempah-rempah nu diangkut ti Asia hususna Nusantara. Taun 1598, Staten-Generaal ngajukeun usulan sangkan pausahaan nu loba ngahiji kalawan ngahijikeun kapentingan pikeun bangsa Walanda. Diperlukeun waktu opat taun pikeun ngahijikeun éta pausahaan Kalawan bantuan ti pamaréntah séwang-séwangan sarta intervénsi ti kulawarga Oranye (Pangéran Mauritz), kaping 20 Maret 1602 Staten-Generaal ngaluarkeun hiji surat izin (Octrooi) ka hiji perusahaan nu dingaranan Verenigde Oost-Indische Compagnie (Sarékat Padagangan di Asia Wétan). Octrooi éta lumaku 21 taun jeung bisa dibebener gumantung kabutuhan. Modal perusahaan disetor ku unggal anggota pangurus perusahaan lokal ditambah ku saham nu dibeuli ku saha waé (Patiesipanten). Nepi ka VOC bangkrut taun 1799, modal mimiti teu kungsi ditambahan nepi ka tambahan modal ngan gumantung ka dibeulina saham. Nepi ka taun 1619 VOC teu boga puseur padagangan di Asia. Ti taun 1602 Jendral VOC diangkat, kantorna ngan di hiji kapal VOC di basisir Nusantara. Taun 1619, Gubernur Jendral Jan Pieterszoon Coen ngarebut Jayakarta ogé "dalem" ti Pangéran Wijayakrama nu boga kakawasaan salaku wawakil ti Karajaan Banten. Kalawan ngarebut Jayakarta, VOC nyebut yén manéhna geus ngawasaan Karajaan Sunda nu mangsa harita perenahna ti Teluk Jakarta nepi ka Samudera Hindia. Urut "dalem" nu direbut, Jan Pieterszoon Coen ngawangun hiji bénténg nu dibéré ngaran Batavia.

Tujuan VOC jeung HakIIstiméwa
Tujuan diwanguna VOC baris ditataan saperti ieu di handap:
- Nyingkahan pasaingan teu séhat antar padagang Walanda pikeun kauntungan nu maksimal
- Mageuhkeun posisi Walanda dina nyanghareupan persaingan boh jeung bangsa Walanda boh bangsa Asia
- Mantuan dana Pamaréntah Walanda nu keur bajoang nyanghareupan Spanyol.
- Monopoli padagangan
- Nyétak jeung ngédarkeun duit
- Ngangkat jeung ngeureunkeun pagawé
- Ngayakeun pajangjian jeung raja-raja
- Boga tangtara pikeun mertahankeun diri
- Nyieun bénténg
- Nyatakeun perang jeung damai
- Ngangkat jeung ngeureunkeun pangawasa satempat.
Aturan dina MonopoliDDagang
Pikeun meunangkeun kauntungan nu leuwih gedé, VOC nerapkeun monopoli dagang. Aturan nu ditetepkeun ku VOC dina ngalaksanakeun monopoli dagang baris ditataan saperti ieu di handap:
- Verplichte Leverantie, nyaerahkeun hasil bumi kalawan harga nu geus ditangtukeun ku VOC. Aturan ieu ngalarang rahayat ngajual hasil bumina iwal ka VOC.
- Contingenten, kawajiban pikeun rahayat mayar pajak mangrupa hasil bumi.
- Aturan ngeunaan katangtuan aréa jeung jumlah pepelakan rempah-rempah nu bisa dipelak.
- Ekstirpasi, nyaéta hak VOC pikeun ngaruntagkeun pepelakan rempah-rempah sangkan teu jadi kaleuwihan produksi nu ngalantarankeun harga turun.
- Palayaran Hongi, nyaéta palayaran ku kapal Kora-Kora (parahu perang) pikeun ngawas kagiatan monopoli VOC jeung nindak palanggarna.
Sistem Birokrasi VOC
Pikeun maréntah wilayah-wilayah di Indonésia nu geus dikawasaan, VOC ngangkat saurang Gubernur Jenderal nu dibantuan ku opat anggota nu disebut Raad van Indie (Déwan India). Di handap gubernur jenderal diangkat sababaraha gubernur nu mingpin hiji daérah. Di handap gubernur aya résidén nu dibantuan ku asistén résidén.
Pamaréntahan di handapna dipasrahkeun ka pamaréntahan tradisional
nyaéta raja jeung bupati. Sababaraha gubernur jenderal VOC anu dianggap
suksés dina ngamekarkeun usaha dagang jeung kolonialisasi VOC di
Indonésia antarana saperti ieu di handap:
- Jan Pieterszoon Coen (1619-1629), dipikawanoh ku nu nyieun dayeuh Batavia jeung dasar imperialisme Walanda di Indonésia. Dipikawanoh ogé ku rarancang kolonialisasi mindahkeun urang Walanda jeung kulawargana ka Indonésia. Hal ieu dimaksudkeun pikeun minuhan kabutuhan tanaga gawé Walanda di Indonésia.
- Antonio van Diemen (1636-1645), manéhna suskés ngalegaan kakawasaan VOC ka Malaka di taun 1641. Manéhna ogé ngirim misi lalayaran nu dipingpin ku Abél Tasman ka Australia, Tasmania jeung Selandia Baru.
- Joan Maetsycker (1653-1678), manéhna hasil ngalegaan kakawasaan VOC ka Semarang, Padang jeung Manado.
- Cornélis Speelman (1681-1684), manéhna suskés nyanghareupan palawanan Sultan Hasanuddin ti Makassar, mareuman barontak Trunojoyo di Mataram jeung ngéléhkeun Sultan Ageng Tirtayasa di Banten.
Mundurna VOC
Mundur jeung bangkrutna VOC kajadian ti mimiti abad ka-18 dilantarankeun ku sababaraha hal saperti ieu di handap:
- Lobana korupsi nu dilakukeun ku pagawé VOC.
- Anggaran pagawé nu gedé minangka akibat beuki legana kakawasaan VOC.
- Biaya perang pikeun mareuman aksi béla nagara rahayat nu kalintang gedé.
- Pasaingan jeung kongsi dagang séjén, saperti kongsi dagang Portugis (Compagnie des Indies) jeung kongsi dagang Inggris (East Indian Company).
- Hutang VOC nu gedé.
- Dibéréna dévidén ka nu nyekel saham sanajan usahana ngalaman bangkrut.
- Mekarna paham liberalismeu nepi ka monopoli padagangan nu diterapkeun VOC geus teu cocok pikeun dituluykeun.
- Direbutna kakawasaan di nagri Walanda ku Prancis taun 1795. Prancis boga musuh utama nyaéta Inggris nu aya di India sarta ngalegakeun jajahana ka Asia tenggara. Lembaga saperti VOC teu bisa diharepkeun pikeun nyanghareupan Inggris.
Rujukan
- Calvin, Merle., Ricklefs., Sidik Nugraha.2008.Sejarah Indonesia Modern 1200-2008. Jakara: Serambi
- Poeponegoro, Marwaji Djoened, Nugroho Notosusanto, dkk. 2008. Sejarah nasional Indonesia: Kemunculan penjajahan di Indonesia, ±1700-1900. Jakarta: Balai Pustaka
- Prawoto. 2006. Sejarah SMP Kelas VIII. Jakarta: Yudhistira
- Mustopo, Habib. dkk. 2002. Sejarah 2 SMA Kelas XI. Jakarta: Ghalia Indonesia
Komentar
Posting Komentar