Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini PANCAKAKI
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

PANCAKAKI



Panca Kaki ngabogaan harti;
1) pernahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya keneh, upamana pernah indung, bapa, nini, aki, emang, bibi jste.
2) mapay perenahna babarayaan. Upamana bae aya urang Sunda ti hiji lembur papanggih di panyabaan, biasana sok tuluy panca kaki, ” Cing urang panca kaki heula, perenahna alo jeung emang teh kumaha jujutannana?”
Rundayan atawa Turunan
Bau sinduk, indung/bapana gantung siwur (kait siwur)
Gantung siwur/Kait siwur, indung bapana Udeg-udeg
Udeg-udeg, indung bapana janggawareng (canggahwareng)
Janggawareng/Canggahwareng, indung bapana bao atawa aki buyut
Bao, indung bapana buyut
Buyut, indung bapana aki atawa nini
Aki, bapana indung atawa bapa
Nini, indungna bapa atawa indung
Bapa, lalaki nu boga anak atawa salaki indung
Indung, awewe nu boga anak atawa pamajikan bapa
Anak, turunan kahiji
Incu, turunan kadua atawa anakna anak
Buyut, anakna incu
Bao, anakna buyut
Janggawareng/Canggahwareng, anakna bao
Udeg-udeg, anakna janggawareng atawa incuna bao
Gantung siwur/Kait siwur, anakna udeg-udeg
Bau sinduk, anakna gantung siwur.
Dulur atawa Baraya ti Gigir
Adi, dulur sahandapeun
Lanceuk, dulur saluhureun
Emang/Paman, lalaki adina bapa atawa adina indung
Bibi, awewe adina bapa atawa indung
Toa/Ua, lanceuk bapa atawa indung
Alo/Suan, anak lanceuk atawa anak adi
Kapiadi, anakna emang atawa bibi
Kapilanceuk, anakna toa atawa ua
Incu teges, anakna anak urang atawa anak minantu
Anak teges, anak sorangan
Incu ti gigir, incuna adi, anakna alo atawa anakna suan
Aki ti gigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
Dulur atawa Baraya sejenna
Besan/warang, indung atawa bapana minantu, atawa mitoha anak
Mitoha/Mertua, indung bapana salaki atawa indung bapana pamajikan
Minantu/Mantu, salaki anak atawa pamajikan anak
Dahuan, lanceukna salaki atawa pamajikan
Adi beuteung, adina salaki atawa pamajikan
Dulur pituin, dulur asli
Dulur teges, dulur saindung sabapa
Dulur pet ku hinis, dulur teges atawa dulur saindung sabapa
Dulur sabrayna/dulur Misan, anak paman, bibi atawa ua
Maru, awewe sejen nu jadi pamajikan salaki (nu nyandung)
Indung tere, pamajikan bapa nu lain ngalahirkeun urang
Bapa tere, salaki bapa nu lain ngalantarankeun urang lahir
Dulur tere/dulur pateterean, anak indung tere atawa anak bapa tere ti popotongan masing-masing
Popotongan, urut atawa nu pernah jadi salaki, urut pamajikan atawa kabogoh (lantaran pepegatan) memeh kawin deui ka nu sejen
Cikal, anak panggedena
Bungsu, anak pangleutikna
Pangais bungsu, lanceukna bungsu
Baraya, sakur nu aya pancakakina
Baraya Landes, baraya deukeut keneh
Baraya Laer, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
Sapiriumpi/saanak incu, sakulawarga atawa sajumlahna anggota kulawarga
Mintelu, baraya turunan katilu
Beuti pamelaran, sekeseler atawa turunan
Bondoroyot/kulawadet, kulawarga, pamajikan, anak, incu jste.
Bau-bau sinduk, baraya keneh sanajan geus laer
Karuhun, luluhur jalma-jalma anu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang
Deungeun-deungeun, nu lian atawa lain baraya
Deungeun haseum, teu atawa lain baraya saeutik-eutik acan
Teu hir teu walahir, teu atawa lain baraya
Bibit buit, turunan asli
 Conto pancakaki rasulullah 




Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (e...

Kecap rajékan (basa Sunda)

Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang. Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana: Rajekan Dwipurwa Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana. contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran nu sejen : tatajong, bebentengan, uulinan sasapu, bebersih, kokolot dsb. Rajekan Dwimadya Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna. contona: sabaraha jadi sababaraha Rajekan Dwilingga Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu...

Yayat R, Penulis Naskah Dongeng Sunda “Si Rawing”

Cari keripik pisang klik disini Sama halnya seperti pencipta lagu, penulis naskah dongeng atau sandiwara radio, tidaklah dikenal sebagaimana penyanyi atau pendongengnya. Sama halnya dengan Yayat Rukhiyat, atau akrab dipanggil dengan Kang Yat . Saat dongeng radio “ Si Rawing ” meledak sekitar taun 80-an, orang hanya mengenal Wa Kepoh sebagai pembawa cerita dongeng tersebut. Padahal di balik kesuksesan para juru dongeng itu, terdapat tangan-tangan kreatif para penulis yang kini hampir terlupakan. Tanpa bermaksud mengecilkan peran juru dongeng, para penulis naskah dongeng memiliki peranan yang sangat penting dalam menentukan kualitas dongeng yang digandrungi masyarakat. Dari sekian banyak dongeng Sunda di radio, cerita yang sangat fenonemal adalah Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969) karya K. Soekarna, Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar,  dan Si Rawing karya Yayat. R. Dongeng Sunda Si Rawing yang dibawakan oleh Si Raja Dongeng Wa...
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG