Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun. Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: Rarakitan Paparikan Wawangsalan . Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) Silih Asih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd. Baca juga: PUPUH Rarakitan Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mi...