Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna.
Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu
ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang.
Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana:
Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana:
- Rajekan Dwipurwa
- Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana.
- contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran
- Rajekan Dwimadya
- Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna.
- contona: sabaraha jadi sababaraha
- Rajekan Dwilingga
- Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni), jeung dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi reka).
- Conto kecap rajekan dwimurni: mobil-mobil, motor-motor, jalma-jalma, jrd.
- conto kecap rajekan dwireka: Pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toel, jrd.
- Rajekan Trilingga
- Rajekan trilingga nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Ilaharna ngan kecap nu dirajek ku rajekan trilingga ngan diwangun ku 3 atawa 4 hurup. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tring-trung,
Komentar
Posting Komentar