Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini Urang Sunda
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

Urang Sunda

Urang Sunda (ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) mangrupa salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.
Urang Sunda
Notable Sundanese 2.jpg
Baris luhur ti kénca ka katuhu:
Déwi Sartika · Juanda Kartawijaya · Ali Sadikin · Umar Wirahadikusumah · Oto Iskandar di Nata
Baris handap ti kénca ka katuhu:
Rieke Dyah Pitaloka · Rhoma Irama · Hassan Wirajuda · Taufik Hidayat · Marty Natalegawa

Populasi total:30-an juta (itungan kasar tina sénsus 2000)
Populasi utama di:Jawa Kulon, Banten, Jakarta, Jawa Tengah
Basa:basa Sunda (kabagi kana sababaraha basa wewengkon), Indonésia, Jawa
Ageman:Mayoritas
Allah.svg Islam, Minoritas
aya ogé saeutikna babaraha urang Sunda nu nganut Sunda Wiwitan, Christian cross.svg Kristen jeung Om.svg Hindu
Séké sélér nu patali:Jawa, Betawi

Sajarah



Basa

Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda (aya sababaraha basa wewengkon, nu masing-masing boga ciri) dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia. Di wewengkon wates atawa nu sacara tradisional loba sélér séjén (Jawa), ilahar ogé dipaké basa campuran (Jawa Réang, Jawa Sérang), gumantung jeung saha ngobrolna. Kadéséhna basa Sunda ku basa Indonésia dipangaruhan ku sababaraha hal, di antarana ku sabab basa Sunda teu kungsi dipakéna sacara formal, ayana béda basa wewengkon nu kadang dianggap nyusahkeun (sieun salah), sarta lobana sélér séjén nu datang ka Tatar Sunda.

Budaya

Numutkeun sajarahna, cenah mah urang Sunda téh boga dasar budaya huma, antukna condong ka solitér. Titinggal kaadaban kolot kapanggih di wewengkon sisi Situ Bandung Purba, Guha Pawon, sarta sababaraha situs arkéologi mangrupa kabuyutan/pamujaan mégalitik. Di Nusantara/Indonésia, bukti arkéologis nunjukkeun yén kaadaban tulis pangkolotna téh aya di Tatar Sunda. Karajaan-karajaan Sunda nu kacatet dina sajarah atawa katalungtik titinggalna aya sababaraha karajaan, di antarana Salakanagara, Kendan, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Sumedanglarang, Cirebon, jeung Banten.

Ageman

Numutkeun titinggal arkéologis sarta naskah-naskah Sunda kuna nu tos katalungtik, urang Sunda jaman baheula boga ageman monotéis, nu ka dieunakeun kapangaruhan/katambah ku ajaran Hindu, Buda, Islam, jeung Kristen. Ageman pituin urang Sunda (Sunda Wiwitan) bisa kénéh ditempo di Kanékés, Banten, nu ti jaman baheula ngurung manéh tina kamodérenan. Kiwari, lolobana urang Sunda ngagem Islam.

Upajiwa

Alam Sunda nu taneuhna subur ngarojong ka urang Sunda kana hirup tatanén, boh anu mangrupi: sawah, huma, pakebonan sayur, jeung leuweung produksi. Ka dieunakeun, ku mekarna industri jeung dagang, pakasaban urang Sunda jadi rupa-rupa sakumaha ilaharna bangsa lian.

Stratifikasi sosial

Urang Sunda mah cenah katelah égalitér, kagambarkeun tina basa nu dipaké ku gegedén karajaan jeung cacah dina carita-carita tradisional nu teu wanoh kana undak-usuk atawa tingkatan basa. Kadieunakeun, utamana ti saprak dijajah Mataram, "kamonésan" Sultan Agung dina nyiptakeun undak-usuk basa ditiron ku para ménak Sunda, nu hasilna mangrupa jungkrang antara ménak jeung cacah. Dina jaman dijajah Walanda, dua tingkat sosial ieu kasambung ku istilah priyayi, golongan pagawé pamaréntahan (birokrat, militér, jeung guru) nu sabenerna mah lolobana kaasup golongan ménak kénéh. Dina awal abad ka-20, strata sosial ieu beuki luntur, komo sanggeus jaman kamerdikaan mah. Najan kitu, nepi ka kiwari, watek féodal téh sakapeung sok kaciri kénéh aya dina kahirupan urang Sunda.

Kasenian

Kasenian Sunda anu masih populér di masarakat di antarana Wayang Golék, tembang Cianjuran, penca, rupa-rupa ibing (jaipongan, tari merak, jsb.), calung, degung, angklung, carita pantun, beluk, jsb.

Ngaran


 
Urang Sunda mah ilaharna maké ngaran anu basajan, kadang cukup ku sakecap, bari jeung pondok. Ku ayana pangaruh Islam anu kuat, urang Sunda loba nu maké ngaran nu nyokot tina 'asma'ul husna' digabung jeung landihan tradisional. Mun dua kecap, kadang sok maké pola "tolong-menolong" (suku kecap nu diulang), misalna Cécép Gorbacép, Asép Gumasép, Didin Saépudin, jsb. Tapi, kitu sotéh ti golongan cacah, sabab pikeun golongan ménak mah (baheula), biasana mah ngaranna diwangun ku dua kecap, antukna rada panjang. Misalna baé Umar Wirahadikusumah, Ginanjar Kartasasmita, Huséin Jayadiningrat, Huséin Sastranegara, jsb.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (e...

Kecap rajékan (basa Sunda)

Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang. Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana: Rajekan Dwipurwa Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana. contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran nu sejen : tatajong, bebentengan, uulinan sasapu, bebersih, kokolot dsb. Rajekan Dwimadya Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna. contona: sabaraha jadi sababaraha Rajekan Dwilingga Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu...

Yayat R, Penulis Naskah Dongeng Sunda “Si Rawing”

Cari keripik pisang klik disini Sama halnya seperti pencipta lagu, penulis naskah dongeng atau sandiwara radio, tidaklah dikenal sebagaimana penyanyi atau pendongengnya. Sama halnya dengan Yayat Rukhiyat, atau akrab dipanggil dengan Kang Yat . Saat dongeng radio “ Si Rawing ” meledak sekitar taun 80-an, orang hanya mengenal Wa Kepoh sebagai pembawa cerita dongeng tersebut. Padahal di balik kesuksesan para juru dongeng itu, terdapat tangan-tangan kreatif para penulis yang kini hampir terlupakan. Tanpa bermaksud mengecilkan peran juru dongeng, para penulis naskah dongeng memiliki peranan yang sangat penting dalam menentukan kualitas dongeng yang digandrungi masyarakat. Dari sekian banyak dongeng Sunda di radio, cerita yang sangat fenonemal adalah Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969) karya K. Soekarna, Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar,  dan Si Rawing karya Yayat. R. Dongeng Sunda Si Rawing yang dibawakan oleh Si Raja Dongeng Wa...
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG