Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini Hindia-Walanda
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

Hindia-Walanda

https://sukalangu.blogspot.com
Peta wilayah Karajaan Kolonial Belanda, kaasup daerah jajahanna
Hindia-Walanda (Basa Walanda: Nederlands-Indië) nyaéta hiji wilayah jajahan Walanda nu diakui ku hukum de jure jeung sacara kanyataannade facto. Pamingpin nagara Hindia-Walanda nyaéta Ratu/Raja Walanda, nu pancen gawena dicekel sapinuhna ku saurang Gubernur-Jendral.
Wates Hindia-Walanda jeung nagara sabudeureunna ditangtukeun ku sababaraha kasapanujuan anu soheh. Pihak-pihak anu miluan kasapanujuan éta di antawisna: Karajaan Walanda, Karajaan Sarawak (protektorat Inggris di handapeun wangsa Brooke "the White Rajah"), Borneo Kalér Britania (Sabah), Karajaan Portugis (Timor Portugis), Kakaisaran Jerman (Papua Nugini Kalér), Karajaan Inggris (Papua Nugini Kidul).
Hindia-Walanda ogé mangrupa wilayah nu kacutat dina jero Undang-Undang Karajaan Walanda taun 1814 nyaéta wilayah kadaulatan Karajaan Belanda, nu dirombak dina taun 1848, 1872, jeung 1922 numutkeun paobahan nu lumangsung di wilayah Hindia-Walanda.
Hindia-Walanda baheulana nyaéta hiji jajahan Walanda, nu ayeuna disebut Indonesia. Jajahan Walanda ieu mimitina mangrupa wilayah nu dipimilik ku Vereenigde Oostindische Compagnie (atawa VOC) nu sababarahana nyaéta Jawa jeung Maluku ogé sababaraha wewengkon séjénna ti mimiti abad ka-17. Sanggeus VOC dibubarkeun dina taun 1798, kabéh wilayah milik VOC ngageser jadi milik pamaréntah Républik Batavia.
Dina taun 1900 ngan pulo Jawa nu sakabéhna milik Walanda. Tuluy, dina taun-taun sanggeusna kabéh wewengkon séjén di Nusantara ditaklukkeun atawa “dipasifikasi” (didaméykeun). Dina puncakna, taun 1942, Hindia-Walanda mipiboga kabéh wewengkon Indonésia jaman kiwari. Timor Wétan teu kungsi dipimilik ku Walanda. Salain ti éta, dayeuh Malaka, Taiwan, Sri Lanka kungsi dipimilik ku VOC jeung pamaréntah Walanda.
Dina kaping 17 Agustus 1945, kamerdékaan Indonésia dibéwarakeun. Walanda teu panuju jeung merangan para pajoang kamerdékaan. Tuluy, dina kaping 27 Désémber 1949, kadaulatan Indonésia karék dipanujuan ku Walanda. Papua kulon (ayeuna provinsi Papua jeung Papua Kulon) masih kénéh dicekel ku Walanda nepi ka taun 1961.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Kecap rajékan (basa Sunda)

Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang. Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana: Rajekan Dwipurwa Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana. contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran nu sejen : tatajong, bebentengan, uulinan sasapu, bebersih, kokolot dsb. Rajekan Dwimadya Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna. contona: sabaraha jadi sababaraha Rajekan Dwilingga Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu...

Yayat R, Penulis Naskah Dongeng Sunda “Si Rawing”

Cari keripik pisang klik disini Sama halnya seperti pencipta lagu, penulis naskah dongeng atau sandiwara radio, tidaklah dikenal sebagaimana penyanyi atau pendongengnya. Sama halnya dengan Yayat Rukhiyat, atau akrab dipanggil dengan Kang Yat . Saat dongeng radio “ Si Rawing ” meledak sekitar taun 80-an, orang hanya mengenal Wa Kepoh sebagai pembawa cerita dongeng tersebut. Padahal di balik kesuksesan para juru dongeng itu, terdapat tangan-tangan kreatif para penulis yang kini hampir terlupakan. Tanpa bermaksud mengecilkan peran juru dongeng, para penulis naskah dongeng memiliki peranan yang sangat penting dalam menentukan kualitas dongeng yang digandrungi masyarakat. Dari sekian banyak dongeng Sunda di radio, cerita yang sangat fenonemal adalah Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969) karya K. Soekarna, Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar,  dan Si Rawing karya Yayat. R. Dongeng Sunda Si Rawing yang dibawakan oleh Si Raja Dongeng Wa...

UNDAK USUK BASA

UNDAK-USUK BASA (BASA LOMA-BASA LEMES) Dina hakekatna, digunakeunna ragam basa lemes(halus) teu aya sanes nyaeta pikeun nuduhkeun rasa hormat kanu diajak nyrita, atawa nu nyarita kanu diajak nyarita . Intina, nunjukkeun rasa hormat kanu diajak nyarita. Saperti waktu nyarita ka kolot atawa nu leuwih kolot ti urang . Aya sababaraha ragam jinis kegunaan tatakrama gaya basa sunda lemes nu biasa digunakeun, diantarana nyaeta: 1.  Ragam Basa Lemes  Pisan/luhur 2.  Ragam Basa Lemes Keur  Batur 3. Ragam Basa Lemes Keur Sorangan/lemes sedeng 4.  Ragam Basa Lemes  Kagok /panengah 5. Ragam Basa Lemes Kampung /dusun 6. Ragam Basa Lemes Budak UNDAK-USUK BASA (BASA LOMA-BASA LEMES) Basa Loma Basa Lemes (Keur ka sorangan ) Basa Lemes (Keur ka batur) Abus, asup Lebet Lebet Acan, tacan, encan Teu acan Teu acan Adi Adi Rai, rayi Ajang, keur, pikeun Kanggo Haturan Ajar Ajar Wulang,...
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG