Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini AWALAN DINA BASA SUNDA
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

AWALAN DINA BASA SUNDA

Sarua sapertos tata bahasa Indonesia, basa Sunda oge ngabogaan imbuhan (afiks). Di handap ieu awalan (prefiks) dina basa Sunda






1. ba-
Pungsina ngabentuk kecap pagawean anu hartina 'nglakukeun"
Conto:
Manéhna rék balayar deui minggu hareup.


2. barang-
Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu henteu tangtu/teu jelas objekna.'
Conto:
Eta si Gembul kabeukina téh barang dahar wé.


3. di-
Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'maké'
Conto:
Adi kuring keur dibaju.

Hrti lainna
- Ngalakukeun
Conto:
Mang Endin keur digawé


- ngaluarkeun
Conto:
Piriwit disada.

- kena ku pagawéan
Lokét dicokot tina jero lomari
- pagawéan nu/maké
Conto:
Ban motor nu kempés téh dikompa ku Mang Udung.

- dijieun jadi
Conto:
Ieu pager imah diruksak ku saha?

- dibéré
Conto:
Hasil ulangan téh keur dipeunteun ku guru.


4. ka-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'teu ngahaja'
Conto:
HP katincak ku aki.


Hrti lainna:
- kena ku pagawéan di...
Conto:
Bangsat téh katewak ku pulisi tadi peuting.

- bisa di-...-keun
Conto:
Kajadian éta téh bisa kagambar ku manéhna kalayan jelas.

- bisa di-...
Conto:
Akhirna, ieu barang téh bisa kaangkut ku urang.

- Hal nu aya hubungan jeung...
Manehna boga kabisa nyaéta nyanyi.
- Hal anu di-
Kahayang mah manéh tong ribut masalah kamari.

- Keuna ku
Si Odong kapélét ku Nyi Karsih.

- tahapan atawa bagian
Kuring giliran peserta katilu.

5. N- (nasal)
Imbuhan ieu ngabogaan alomorf (variasi) m-,n -, ng-, nga,-, nge, ny-
Conto:
Lamun ngadéngé lagu Sunda, Ki Lurah sok langsung ngigel.

Aturan lainna:
- m- (lamun ngagabung jeumh kecap dasar nu diawalan konsonan b jeung p)
Conto: Manéhna keur maca koran. // kecap dasar baca
- n- (lamun ngagabung jeung kecap dasar anu siswa kan ku konsonan t)
Conto: Neng Tini keur nulis di kamer. kecap dasar tulis
- ng- (lamun ngagabung jeung kecap dasar nu dimimitian konsonan k jeung vokal)
Conto: Adi kuring keur ngorong (kecap dasar korong
- nga- (lamun ngagabung jeung kecap dasar nu dimimitian konsonan b,d,g,h,j,,l, m, n,w jeung y)
Contoh: Anjing ngagégél ucing. kecap dasar gégél
- nge- (lamun ngagabung jeug kecap dasar nu dimimitian ku konsonan jeung hiji suku kata.)
Contoh: Bapa keur ngebor sumur. kata dasar bor
- ny- (lamun ngagabung jeung kecap dasar nu dimimitian konsonan c jeung s)
Contoh: Orok keur nyusu ka indungna. Kecap dasar susu

6. pa-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'nu ngalakukeun'
Contoh:
Salaku pamingpin, kuduna manéhna inget ka rahayat.

Arti lainna:
- nu biasa dilakukeun/pagawéan
Contoh: Aki kuring patani.
- alat/nu dipaké
Conto: Mang Jaja keur nyieun panakol bedug.
- aya dina kaayaan
Conto: Kulit mulusna paantel jeung kulit kuring.

7. pada-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan yang artina 'loba kena ku pagawéan'
Conto:
Béncong nu ngaliwat téh padanyiwit balas ku gemes.

Harti lainna:
- Sarua
Conto: Abong pada beunghar, maranéhna arulin ka luar nagri unggal minggu.


8. para-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'loba'
Conto:
Parahadirin dihaturanan énggal lebet.

9. per-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'nu jadi'
Conto:
Mata beulah kénca kukurunyudan waé, pertanda naon nya?
Harti lainna:
- Hal nu dibawa ti lahir
Conto:
Kalakuan manéhna siga kitu téh da geus perwatak tuda.

10. pi-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'nu dijieun.'
Conto:
Jang Edoy ménta piwuruk ti Ustad Abdul.

Hari lainna:
- alat/perkakas (Conto: pitapak)
- ngalakukeun (Conto: pidamel)
- resep kana...(Conto: pidunya)

11. sa-
Pungsina ngabangun kecap bilangan nu hartina 'Hiji'
Conto:
Cik, kuring ménta kertas salambar!

Harti lainna:
- sarua..-nya
Conto:
Baju nu dipaké ku kuring jeung manéhna geuning samodél.
- gedéna saukuran...
Conto:
Tanah nu rék pelakkan cabé téh ukuran panjangna ngan satumbak.

- sampé...
Conto:
Cai walungan téh jerona kurang leuwih sabeuheung.
- nuduhkeun waktu
Conto:
Saencan dahar, kumaha lamun urang mandi heula?

12. sang-
Contona kecap sangigir, bakal ngabogaan harti nu mandiri lamun geus ngaliwatan proses morfologis. Contona diébéré imbukan N- (nasal), menjadi: nyangigir.

13. si-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'ngalakukeun'
Conto:
Manehna keur sisiram di kebon.

14. silih- (ngabogaan alomorf sili- jeung pili-)
pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'siling bales'
Conto dina kalimah:
Téh Nur jeung Téh Maya keur silihsiku.
(Teh Nur dan Teh Maya sedang saling menyiku.)

15. ti-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'pagawéan nu teu ngahaja.'
Conto:
Ibu Ade titajong kana batu.

Aya ogé nu pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'Dina kaayaan'
Conto:
Kamari aya budak titeuleum di walungan.

16. ting-/pating-
Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'loba nu ngslakukeun'.
Conto:
Kunti-kunti tingcikikik di luhur tower BTS.

Bisa oge pungsina ngsbentuk ecap pagawéan nu hartina 'loba jeung terus-terusan dina hiji keayaan.'
Conto:
Lampu di tengah kota tingburinyay.

Wassalam 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

KECAP SEREPAN

Kecap Serepan tina Basa Asing   Kecap serepan atawa kecap injeuman nyaeta kecap-kecap anu aya dina basa Sunda anu diserep atawa diinjeum tina basa lianna salian ti basa Sunda, saperti basa Indonesia, basa Arab, basa Inggris jeung sajabana ti eta. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan tina basa Arab. 1. Serepan tina Basa Arab ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst. 2. Serepan tina Basa Walanda Kulkas = Koelkast – Kamar (ruangan) = Kamer- Saklar (en. Switch) = Schakelaar – Keran (en. Faucet) = Kraan – Kubus (en. Cube) = Kubus – Dus (en. Box) = Doos – Soak (en. Weak) = Zwak – Baut, mur (en. Bolt) = Bout, Moer – Etalase (en. Window) = Etalage – Pantofel (sepatu) (e...

Kecap rajékan (basa Sunda)

Kecap rajékan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna atawa wangun dasarna. Salian ti di rajek engang atawa wangun dasarna, ilaharna aya ogé nu ditambahan ku rarangken, bor rarangken hareup atawa rarangken tukang. Kecap Rajekan kabagi kana sababarha jinis, di antarana: Rajekan Dwipurwa Rajekan dwi purwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "purwa" nu hartina "mimiti atawa awal". Rajekan dwi purwa kaasup kana rajekan nu dirajek engangna atawa suku katana. contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran nu sejen : tatajong, bebentengan, uulinan sasapu, bebersih, kokolot dsb. Rajekan Dwimadya Rajekan dwi madya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" nu hartina "dua" jeung "madya" nu hartina "tengah. Jadi rajekan dwimadya nyaéta kecap anu dirajek engang tengahna. contona: sabaraha jadi sababaraha Rajekan Dwilingga Rajekan dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna. Anu...

Yayat R, Penulis Naskah Dongeng Sunda “Si Rawing”

Cari keripik pisang klik disini Sama halnya seperti pencipta lagu, penulis naskah dongeng atau sandiwara radio, tidaklah dikenal sebagaimana penyanyi atau pendongengnya. Sama halnya dengan Yayat Rukhiyat, atau akrab dipanggil dengan Kang Yat . Saat dongeng radio “ Si Rawing ” meledak sekitar taun 80-an, orang hanya mengenal Wa Kepoh sebagai pembawa cerita dongeng tersebut. Padahal di balik kesuksesan para juru dongeng itu, terdapat tangan-tangan kreatif para penulis yang kini hampir terlupakan. Tanpa bermaksud mengecilkan peran juru dongeng, para penulis naskah dongeng memiliki peranan yang sangat penting dalam menentukan kualitas dongeng yang digandrungi masyarakat. Dari sekian banyak dongeng Sunda di radio, cerita yang sangat fenonemal adalah Sirod Djelema Gaib (Saputra, 1969) karya K. Soekarna, Si Buntung Djago Tutugan (Tjaringin, 1969) karya S. Sukandar,  dan Si Rawing karya Yayat. R. Dongeng Sunda Si Rawing yang dibawakan oleh Si Raja Dongeng Wa...
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG