Cari keripik pisang klik disini Cari keripik pisang klik disini GAPURA BASA
close

*** Cari keripik pisang banten klik disini***

Langsung ke konten utama

Postingan

AWALAN DINA BASA SUNDA

Sarua sapertos tata bahasa Indonesia, basa Sunda oge ngabogaan imbuhan (afiks). Di handap ieu awalan (prefiks) dina basa Sunda 1. ba- Pungsina ngabentuk kecap pagawean anu hartina 'nglakukeun" Conto: Manéhna rék balayar deui minggu hareup. 2. barang- Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'ngalakukeun pagawean nu henteu tangtu/teu jelas objekna.' Conto: Eta si Gembul kabeukina téh barang dahar wé. 3. di- Pungsina ngabentuk kecap pagawean nu hartina 'maké' Conto: Adi kuring keur dibaju. Hrti lainna - Ngalakukeun Conto: Mang Endin keur digawé - ngaluarkeun Conto: Piriwit disada. - kena ku pagawéan Lokét dicokot tina jero lomari - pagawéan nu/maké Conto: Ban motor nu kempés téh dikompa ku Mang Udung. - dijieun jadi Conto: Ieu pager imah diruksak ku saha? - dibéré Conto: Hasil ulangan téh keur dipeunteun ku guru. 4. ka- Pungsina ngabentuk kecap pagawéan nu hartina 'teu ngahaja' Conto: HP ...

PANTUN

Carita pantun atawa ngan disebut pantun téh nyaéta hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Cdd dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu ogé maénkeun kacapi. Sajarah Pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Kamekaran seni pantun salajéngna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Di Kusumah, Déugdeug Pati Jaya Perang , Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung , Demung Kalagan , jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot , ...

GAYA BASA

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. Gaya basa nya éta corak éksprési basa boh dina prosa boh puisi, atawa cara kumaha ku pangarang dina ngagunakeun omongan (Iskandarwassid, 2003: 44). Gelarna gaya basa téh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu maké basa, ku kituna gaya basa nu dipaké bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak. Sudaryat (2003: 124) ngabagi gundukan gaya basa, saperti nu dipertélakeun di handap ieu: 1) Ngumpamakeun (simile), nyaéta gaya basa nu ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjén nu sipatna nembrak. Contona: Kawas gaang katincak 2) Mijalma (personifikasi), nyaéta gaya basa anu ngabandingkeun barang-bar...

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang jeung eusi. Upama dina tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun. Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: Rarakitan Paparikan Wawangsalan . Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) Silih Asih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd. Baca juga:  PUPUH Rarakitan    Rarakitan téh nyaéta salah sahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mi...
TERIMAKASIH TELAH BERKUNJUNG